2 Samuel 18
Daud ngaloris balad anu ngiring, tuluy dibagi jadi sababaraha pasukan, aya anu sarebuan, aya anu saratusan. Tiap pasukan aya kapalana.
Geus kitu balad teh dibagi tilu bagian. Sapertilu dipingpin ku Yoab, sapertilu ku Abisai raina Yoab, sapertilu deui ku Itai urang Gat tea. Saur raja ka aranjeunna, "Kami oge rek milu perang."
Tapi ku aranjeunna diwagel, "Gamparan mah ulah angkat. Balad onaman sanaos dugi ka kapaksa kalabur oge, atanapi dugi ka kantun saparo, ku musuh moal dianggap. Dupi salira Gamparan mah tinanding balad salaksa. Gamparan langkung sae ngantos di dieu, di dayeuh, ngatur bala bantuan."
"Kumaha hadena bae, kami nurutkeun," walerna. Ti dinya anjeunna ngadeg di sisi lawang dayeuh, ningalikeun budalna pasukan-pasukan, anu sarebuan, anu saratusan.
Raja nimbalan ka Yoab, Abisai, jeung Itai, saurna, "Kade eta budak, Absalom ulah dikieu-kieu." Eta dawuhan ku balad oge kadarengeeun.
Balad Daud geus budal ka luar ti dayeuh. Terus mokprok jeung balad Israil di leuweung Epraim, der campuh.
Urang Israil eleh ku balad Daud lain meumeueusan, aya 20.000 urang anu kasambut poe eta.
Perang terus nyaliara sawewengkon eta, anu paraeh cilaka di leuweung leuwih loba ti batan anu paraeh kasambut perang.
Prok Absalom amprok jeung balad Daud. Bigalna dilumpatkeun. Barang nepi ka handapeun hiji tangkal kiara anu dahanna rekep, gurawil bae ngagurawil, sabab mastakana tiselap kana dahan kiara, salirana guwang-gawing di awang-awang. Ari bigalna terus lumpat.
Aya anu nguninga ka Yoab pokna, "Abdi ningal Absalom guwang-gawing dina tangkal kiara."
Saur Yoab, "Geus puguh katenjo ku naon henteu terus dipaehan bae di dinya ku maneh? Moal teu diperesen ku kami sapuluh gebleg perak jeung sabuk hiji."
Tembalna, "Sanaos diperesen sarebu gebleg perak oge, abdi mah teu wantun nyintreuk-nyintreuk acan ka eta putra raja. Sadayana oge nguping raja nimbalan ka Bapa, ka Abisai, sareng ka Itai, dawuhanana, ‘Sing inget ka kami, eta budak, Absalom, ulah dikieu-kieu.’
Saupami abdi baha ka raja dugi ka maehan Absalom, halna tangtos kadangu ku raja, da sagala rupi hal oge ku anjeunna mah kadangueun bae. Upami parantos kitu mah Bapa ge tangtos moal ngabelaan ka abdi."
Saur Yoab, "Ah, cumah ngobrol jeung maneh!" Geus kitu anjeunna nyandak tumbak tilu. Absalom kasampak hirup keneh keur roroesan dina dahan kiara. Bles angenna ditubles.
Jol prajurit sapuluh urang, tuluy marilu nyampurnakeun Absalom.
Yoab miwarang niup tarompet, tangara kudu eureun perang. Balad daratang tas ngabeberik urang Israil.
Mayit Absalom diturunkeun, tuluy digurubagkeun kana lombang jero di eta leuweung, bru dibugbrugan ku batu. Urang Israil kabeh geus kalabur, baralik ka saimah-imahna.
Keur hirupna Absalom teh ngadamel hiji tugu keur salirana di Lebak Raja, dumeh teu kagunganeun putra pameget anu bakal neruskeun jenenganana. Anu matak eta tugu ku anjeunna dingaranan ku jenenganana ku anjeun, sarta nepi ka ayeuna eta tugu katelah Tugu Absalom.
Geus kitu jol Ahimaas bin Sadok unjukan ka Yoab, "Manawi karujukan, ieu pikabingaheun teh urang unjukkeun ku abdi ka raja, yen anjeunna ku PANGERAN parantos diluputkeun ti musuh."
Waler Yoab, "Ulah! Poe ieu mah najan anu pikabungaheun oge ulah hidep anu ngabejakeunana. Poe sejen mah pek bae. Sabab anu tiwas poe ieu teh putra raja."
Ti dinya Yoab nimbalan ka budak urang Sudan saurna, "Silaing kudu ka kangjeng raja ayeuna. Uningakeun sakur anu kasaksian ku silaing di dieu." Budak teh nyembah, semprung lumpat.
Ahimaas maksa, "Matak naon abdi oge widian ngunjukkeun ieu wartos ka kangjeng raja?" Saur Yoab, "Keur naon ka ditu anaking? Ka-teu-teu-ari da moal aya pihasileunana."
"Sawios ku kitu ku kieu oge, matak naon?" "Nya jig atuh," saur Yoab. Semprung Ahimaas oge lumpat, mudun ka Lebak Yordan, teu lila budak urang Sudan anu tadi geus kapiheulaan.
Daud keur linggih di nu lega antara lawang jero jeung lawang kota beulah luar. Anu kemit unggah ka luhur lawang kuta, terus nangtung di dinya, tuluy nenjo aya anu keur lumpat nyorangan.
Gancang ceceluk ka handap, nguninga ka raja. Lahiran raja, "Upama nyorangan, bejana tangtu hade." Anu lumpat beuki deukeut.
Beh deui anu keur kemit teh nenjo saurang deui anu keur lumpat. Gero ngabejaan ka nu jaga lawang, "Tuh aya saurang deui anu lumpat!" Saur raja, "Eta oge tangtu mawa beja hade."
Ceuk nu kemit, "Parantos rada sidik jalmina, rupina mah Ahimaas." Saur raja, "Jelema hade eta mah. Bejana tangtu ngeunah."
Ahimaas norojol bari ngawilujengkeun ka raja, bruk sujud kana taneuh payuneunana, piunjukna, "Puji ka PANGERAN, Allah Gamparan, anu ngersakeun Gamparan unggul ngelehkeun jalmi-jalmi anu ngalawan ka Sang Raja!"
Raja mariksa, "Ari Absalom kumaha, salamet?" Piunjuk Ahimaas, "Gusti, nalika abdi diutus ku panglima Yoab, abdi ningal aya anu ribut-ribut, duka abdi gamparan teu terang aya naon."
"Enya, geus maneh nyisi nangtung di dieu," saur raja. Ahimaas nyisi tuluy nangtung di dinya.
Teu lila torojol budak urang Sudan tea datang, tuluy unjukan ka raja, "Gusti, abdi ngabantun wartos pikabingaheun! Dinten ieu Gusti ku PANGERAN parantos dipaparin kaunggulan ti anu ngaralawan ka Gusti!"
"Ari anak kami, Absalom, salamet?" Eta budak ngawalon, "Mugi-mugi sadaya musuh Gusti, sakur anu ngalawan ka Gusti, sing sapertos eta Gusti anom."
Raja rampohpoy, manahna sumeblak. Sup lebet ka kamar peuntaseun lawang, ngadon nangis. Bari angkat henteu weleh sumambat, "Emh Absalom, Absalom, anaking! Mending oge Ama anu paeh, nalangan Enung, anaking, anaking!"